Salah sahiji kabudayaan urang sunda anu tos kakoncara nyaeta wayang golek. Di tahun 1583 Sunan Kudus atos ngadamel wayang ti kayu anu saterasnya populer di Jawa Barat anu di sebat wayang golek. Di jaman para sunan wayang golek di jantenkeun salah sahiji alat kanggo nyebarkeun agama Islam, daerah anu pengheulana dikenalkeun wayang golek di Jawa Barat teh nyaeta Cirebon. Harita di Cirebon wayang golek masih ngagunakeun bahasa jawa.
Tahun 1808-1811 wayang golek mulai nyebar ka tanah priangan bahasa anu dipake Bahasa Sunda. Harita teh seueur pisan anu mikaseneng ka wayang golek. Dina jaman jepang seueur masyarakat anu ngajukeun ka pamarintahan jepang supados wayang golek disiarkeun di radio, akhirna pamarintahan jepang nyumponan kana kahayang masyarakat. Wayang golek mulai populer di tahun 1980-an sareung seueur anu mikaresep kana iyeu tontonan.











0 comments